
Sok aya kabiasaan di wilayah urang boh di saantèro nusantara, atawa sabahagian wilayah anu kaitung kuat nyekel kabudayaan, kaasup di wilayah tatar sunda, bahkan teu tanggung-tanggung ieu kagiatan teh geus digelarkeun dina mèdia-mèdia digital, dipintonkeun kunu disebut para ahli metafisik (paranormal), nu pasti maranèhanana geus kasohor kupangabisana, bahkan ieu kagiatan teh kacida dipikaresep ku sawarèhna manusa jaman kiwari. Sangkan èta kagiatan leuwih di pikaresep nepika sok makè èmbel-èmbel praktèk anu teu dimenangkeun ku syarèat agama. Pikeun ngayakeun hal samodèl kitu lain pasu’alan anu gampang, aya anu tapa brata (nyepèn) heula, aya anu puasa heula, jeung pagawèan anu sejena anu dipercaya bisa ngabuahkeun kana hasilna èta pakakas.
Salah sahiji kagiatanana nyaèta narikan barang-barang anu kasebutna eta barang atawa pakakas teh dianggap mustika anu pernah diparakè ku kolot baheula, pikeun ngajaga diri ; boh ngajaga diri tina sato galak atawa ngajaga tina pangrogahalana musuh. Wajar lamun jaman harita kokolot urang miboga banda pakakas, sabab waktu harita èta barang kacida diperlukeunana, nya aya di jaman kiwari ogè sabahagian jelema anu musti-musti kana èta barang, tapi teu saeutik ogè èta barang ngan saukur dijadikeun hiasan, ari sakudunamah disimpeun dihiji tempat, diropèa supaya anak incu urang nyaho kana sajarahna.
Ti mana èta barang jol datang? nya duka teuing ti mana datangna, kuring ogè kaasup manusa awam kana perkara anu aya pakuat-pakaitna jeung alam ghaib (mistis). Bangun ku rasa panasaran anu kalintang gedèna, sataun katukang kuring ngahaja eureun tina pagawèan sapopoè anu sok di garap, nyempetkeun waktu pikèn nitènan èta pasu’alan, reureuh campur gaul jeung jelema loba, ngaprak ka tempat-tempat anu pernah kasohor, utamina naroskeun ka kolot-kolot anu dianggap nyaho kana eta pasu’alan. Lir ti èta teu aya pamaksudan nu lain, iwalti hayang nyaho runtuyan sajarah jeung carita anu sabenerna.

Hasil tina panalungtikan dina waktu anu samporèt èta, akhirna ngabuahkeun sababaraha patanyaan pikeun kuring, diantarana ; Naha jadi aya barang atawa pakakas di èta patempatan? Saha anu hak mibanda kana èta pakakas? Kudu kumaha ngaluruskeun jalan pikiran supaya teu tisolèdat dina kayakinan? Mugia di pasihan kasempetan waktos kango ngalajengkeun ieu artikel
nomina, 2021